Temukan Kami Disini

English 4 U blogger di facebook sdn 1 winduraja di facebook

468x60 Ads

Ciung Wanara

Ciung Wanara

Kacaturkeun di Karajaan Galuh.  Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu haritatéh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nukahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan. Barang nepi kana waktuna,  Déwi Pangrenyep ngalahirkeun.  Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing.  Ari orok nu saéstunadiasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeunka walungan Citanduy. 
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing.  Déwi Naganingrumdibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan.  Ku Léngsér disélongkeun kaleuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.  Ari kandaga anu dipalidkeun téa,  nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néangtataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh.  Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok lalaki anu mulus tur kasép.  Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.  
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang.  Nénjo manuk nu alusrupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana étangaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju. 

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman  ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi kamegarna.  Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun. Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sababrék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi kaalun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading.  Nénjo CiungWanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam.  Ku CiungWanara dilayanan.  Pruk baé hayam téh diadukeun.  Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.  Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton.  Nepi kakaraton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja.  Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak. Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara.  Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna. Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.  Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungnanya éta Déwi Naganingrum. Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara.  Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.  Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara  ku Ciung Wanara.  Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara.  Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Kitu carita Ciung Wanara teh.... :)

0 komentar:

Posting Komentar