Temukan Kami Disini

English 4 U blogger di facebook sdn 1 winduraja di facebook

468x60 Ads

BABAD PANJALU


Zaman  baheula di daerah Panjalu aya hiji karajaan anu diparentah ku Prabu Boros Ngora, Sang Prabu kagungan dua putra nyaeta Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana. Kalakuan eta dua raja teh beda pisan. Lanceukna, nyaeta Raden Arya Kemuning sifatna rada barangasan jeung ngedul di gawe. Sedeungkeun adina nyaeta Raden Arya Kencana estuning bageur jeung resep tatanen.

Dina hiji poe aya paguneman antara Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana, ceuk Raden Arya Kemuning “eweuh gunana rama Prabu nyieun waduk Lengkong teh, ka cape-cape kudu ngabendung. Padahal mah antep bae teu aya waduk oge urang mah teu burung beunghar ieuh” 
“Ih .... ari kakang waduk Lengkong teh gede pisan manfaatna, rahayat Panjalu bisa nyawah kalawan teu kakurangan cai, pepelakan jadi salubur, sasaton lalintuh, lauk oge mani ceuyah, rahayat oge katembong barungaheun pisan “ ceuk Raden Arya Kencana.
“ heeuh, da adi mah patani, ari akang mah teu hayang teuing jadi patani da akang mah hayang jadi Raja, mun geus pupus Rama Prabu teh, nya meureun akang anu jadi gantina teh!” Arya Kemuning nyerengeh semu anu agul.   
“ Leres ari kitu mah, tapi ...Raja oge kudu dirojong ku rahayatna, kakang. Mun rahayatna ngedul tur pakayana gaplah, atuh bakal sangsara.  Mun geus sangsara pinasti raja oge kabawa malarat. Saha nu salah ? nya Raja da bongan teu bisa mimpin rahayatna.” walon Arya Kencana.
“ Meunggeus gandeng! tong sok mapatahan ari ka lanceuk teh! pamali.” ceuk Arya Kemuning muncereng keuheul.
Sabaraha taun tiharita, Prabu Boros Ngora ngecapkeun kalungguhanana salaku Raja Panjalu. Anjeuna masrahkeun karajaan ka putrana anu cikal nyaeta Raden Arya Kemuning.
Ti harita anu jadi dalem Panjalu teh Raden Arya Kemuning. Ari Prabu Boros Ngora jeung Raden Arya Kencana mah arindit ka Jampang rek niiskeun diri ti saprak didaleman ku Arya Kemuning, rahayat Panjalu jadi malarat.
Kusabab sakabeh hasil tatanen jeung pakaya rahayat teh dirampas ku Raden Arya Kemuning, jeung kemuning teh mindeung curak-carek, beuki lila rahat beuki sangsara bae. Kulantaran geus sagala seep, Kemuning aya maksud rek ngabedahkeun waduk Lengkong. Tapi samemehna rek ngabejaan heula Prabu Boros Ngora di Jampang. Nya manehna nitah pangawalna indit ka Jampang ngabejaan Sang Prabu tapi Sang Prabu moal tiasa ka Panjalu tapi ngirimkeun wakilna nyaeta Raden Arya Kencana.
Gancang carita, Raden Arya Kencana jeung pangiringna geus nepi ka Panjalu. Barang jol, kacida ngajeunghokna ningal waduk Lengkong geus saat, koredas taya cai saeutik-eutik acan. Pudigdig bae Arya Kencana teh napsu, awakna ngagidir, panonna buringas.
“ Hey, kakang ! kakang teu ngajeunan ka Rama Prabu sok sanajan anjeunan teu sumping, tapi aya kaula wawakilna. naha kakang geus wani-wani ngabedahkeun waduk Lengkong tanpa idin ti kaula” ceuk Arya Kencana.
“ Kaula mola ngajenan ka andika kusabab andika mah adi kaula, lain Rama Prabu “ ceuk Arya Kemuning.
Bakat ku keuheul, Arya Kencana teh ngarontok Arya Kemuning. antukna der bae galungan campuh pisan. Balad-baladna oge sarua pada tarung ragot pisan untung kaburu datang utusan Prabu Boros Ngora ti Jampang. 


Tah kitu BABAD PANJALU teh.... huahahahahahaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa

14 komentar:

{ Unknown } at: 27 Agustus 2017 pukul 22.06 mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
{ Unknown } at: 27 Agustus 2017 pukul 22.22 mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
Anonim at: 10 Januari 2018 pukul 16.59 mengatakan...

Caritana ko teu jiga babad

{ SVENTION } at: 28 Januari 2018 pukul 21.38 mengatakan...

Caritana ko teu jiga babad(2)

{ Unknown } at: 1 Februari 2018 pukul 17.19 mengatakan...

caritana teu jiga babat lah ruksak ieu gara gara mnh lah hapus w postingana

{ mrifaaz } at: 1 Februari 2018 pukul 17.20 mengatakan...

Heeh lah aing sakelompok jeung si Budi leutik nilaina gara gara maneh hapus lah blog na bangsat

{ Unknown } at: 1 Februari 2018 pukul 17.23 mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
{ Unknown } at: 1 Februari 2018 pukul 17.24 mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
Anonim at: 14 Maret 2018 pukul 18.06 mengatakan...

Urang hyang soto babad

Anonim at: 14 Maret 2018 pukul 18.08 mengatakan...

Gara gara blog ieu kelompok urang jadi kudu nulis dua kaliii

{ Unknown } at: 14 Maret 2018 pukul 18.09 mengatakan...

Hayang sabarahaeun?

Anonim at: 29 Januari 2019 pukul 22.33 mengatakan...

Gareblok sakelompok wae garelut

{ Unknown } at: 28 Februari 2019 pukul 05.23 mengatakan...

Tolkntl

{ Penggemar Berat } at: 13 Februari 2024 pukul 07.54 mengatakan...

Cerita nya sange.......

Posting Komentar