Temukan Kami Disini

English 4 U blogger di facebook sdn 1 winduraja di facebook

468x60 Ads

Contoh Pupuh


LEMAH CAI
Karya :  Ayatrohaédi

Upama sakali mangsa kuring mulang
taya katengtreman anu mapag ngagaléntor
tapi karisi-kagimir tumuwuh na unggal dada
ti barang gubrag ka dunya

Upama sakali mangsa kuring leumpang
lain cipanon anu nganteur paturay-tineung
tapi kagumbiran na dada da leungit musuh
ti barang gubrag ka dunya

Upama sakali mangsa kuring mulang
taya kagandrungan anu mapag ngagupayan
tapi curiga na diri nu hilang kapercayaan
ti barang gubrag ka dunya

Upama sakali mangsa kuring leumpang
lain kakasih jeung indung-bapa jajap ka pawatesan
tapi raga pangarahan ngabarkeun pedang ancaman
taun hareup rebut pati

Upama sakali mangsa kuring leumpang
upama sakali mangsa kuring mulang
lain gandrung jeung cipanon nu narima
tapi raga nu hilang kapercayaan
ti barang gubrag ka dunya

Ti barang gubrag ka dunya
ngan salempang jeung kahariwang
nu ngukuntit ti pandeuri
najan kamana lumampah
dina mulang pon waktu leumpang
ka sesela lemah cai

1 komentar:

{ Darasta_24 } at: 18 November 2018 pukul 20.36 mengatakan...

Naon maksud dina sajak ieu teh?

Posting Komentar