Temukan Kami Disini

English 4 U blogger di facebook sdn 1 winduraja di facebook

468x60 Ads

FAJAR


Jiga kalangkang deuh keur waktu pajar
Ti beulah wetan tuh hurung gumebyar
nyebar mencar sinar puyar
gelar nyumponan takajar

Rek nyuaykeun nu ngadingding
indung peuting lir pipinding
ngahiliwir ngadalingding
bray beurang alam sinangling

Pajar geus puyar duh ganti ku beurang
angin panggeuing lir nitah tatandang
ngangkat ajen jeung komara
harkat darajat "KISUNDA"

Kasenian kabudayan
 titilar rasa KaSUNDAN
Rasa lahir rasa batin
wawakil jisim sumalim

Sabilulungan duh Putra Pasundan
ngagarap seni jeung kabudayaan
rampak sekar sauyunan
ngawujud sekar gendingan

Kawih sedih nu kasmaran
Sorana ombak ombakan
ngahaleuang lir nalangsa
hayang diraksa diwejang


Karya: Mang Koko

1 komentar:

{ Unknown } at: 13 November 2018 pukul 18.06 mengatakan...

Boleh minta mp3 nya pak? ini lagu enak banget

Posting Komentar